f Nusaherang Lembur Kuring Panineungan ~ Desa Nusaherang
Nusaherang Tandang Nyandang Kahayang
Gunung Ciremai sakitu marahmay..sok ras emut ka lembur Nusaherang nu ninggalkeun salaksa katineung..Bersih dan rapih jalan Desa NusaherangCeremonial Pembukaan Kegiatan Pamatri Tatali Wargi Jilid 2Reog On The Street pd pembukaan Pamatri Tatali Wargi Jilid 3Peringatan Hut RI ke-68Calung Junior Nusaherang on the street kegiatan Car Free Day Kab. KngVolley Ball kegiatan rutin tahunan PORKAM

Rabu, 01 Januari 2014

Nusaherang Lembur Kuring Panineungan

Nyawang alam katukang Nusaherang
Seja nyukcruk galur karuhun mapay  lembur nu nyingkur anu teu kaukur waasna , jleg.. mangka jleg... weweg ajeg dina mupusti karundayan anu pandeuri. Nusaherang hiji Desa nyatana lembur kuring wewengkon suku Ciremai tempat bali geusan ngajadi. Asa ku waas...tur kagagas, matak ngangres jeung tibelat. Didieu mangsa katukang kuring nangtung…Bray-brayan ngolebat minuhan alam lamunan. Sok anteng ngahaja diemut-emut, kalan-kalan sok aya gerentes na hate, ku hoyong balik deui ka mangsa ka tukang, emut sakitu endah tur pikabetaheunna alam Nusaherang mun seug tetep renggenek kaayaanana..., tentrem karaharjan, di luhur pasirna, dina legok landeuhna, ku herang caina, ku loba laukna, geledegan tangkalna, recet manuk piit leutik dina luhur tangkal kai, pucuk awi ting garupay lamun mapag mangsa isuk-isuk. Masih kasawang pas balebat deukeuten lembur, endahna Nusaherang tintrim ati matak betah kana manah. Masih keneh kadenge pepejeuh ti kolot anu ngajarkeun panghirupan anu bener. Masih ngalangkang waktu keur budak mun diingetan matak kaduhung tara ngadengekeun omongan kolot,sabab beuki dieu beuki karasa ku diri. Hate ngadadak honcewang..tur salempang, kuring lir ibarat….manuk anu keur diajar hiber dipaksa incah tina sayang, gimir…sieun….sieun ku geledegna dunya anu can puguh kumaha kahareupna nu can puguh naon nu bakal tumiba. Dalah dikumaha ieu hiji kanyataan anu moal bisa disingkahan lalaunan tapi pasti, kuring bakal nyorang..., nyorang lampah anu nyata….lampah anu saestuna kudu dipilampah, ku sakumna insan nu kumelendang di alam dunya. Wanci kiwari……kuring teu galideur deui, moal inggis dina nyorang kahirupan,moal sieun dina nyorang lalakon pikeun ngawangun jati diri anu sajati, jati diri lalaki pinilih lalaki langit lalanang jagat. 
Baheula Nusaherang hiji tempat nu tiis ceuli herang mata, estuning hirup pinuh kabagjaan, Nusaherang lembur  mere pangalaman hirup anu teu saeutik ka kuring. Lamun kuring nginget-nginget ka jaman keur leutik, Mangsa-mangsa endah anu moal tiasa kaalaman deui. Dina wanci pasosore ngariung diburuan jeung budak tatangga sejena. Panonpoe anu nyaangan pilemburan, ngageretna sora tonggeret nu mapaes milu mairan barudak nu keur arulin. Rupa rupa kaulinan barudak...aya engklekan, jongleng, daluan, tolegag, ucing ucingan, bebeletokan, jeung saterusna. Aya nu di inget ku kuring tepi ayeuna so sanajan sapotong, lamun keur arulin sok eak-eakan kakawihan kieu unina " Bang bang kalima lima gobang...bang, Bangkong ditengah sawah...wah wahai tukang bajigur...gur, guru sakola desa...sa, saban poe ngajar...jar, jarum paranti ngaput...put, putri nu gareulis...lis, lisung katinggang halu...lu, luhur kapal udara...ra, ragrag di Jakarta...ta, taun opat lima..ma, maling duit sarebu..bu, buah meuang ngala..la, lauk meunang ngobeng..beng......, (??..poho euy..)", tah kadituna kuring poho deui naon nya..?
Didieu mangsa ayeuna kuring nangtung... Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang malati di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan aki, anu ku kolot mah dipiara pisan.balong tukangeun imah jeung pelak tangkal jambe nu aya na galeng balong. Teu karaos geuning lalampahan teh tos nuju ka sareupna, asa cikeneh sim kuring budak leutik olol leho...ieu bukti urg betah hirup di dunya. Kiwari alam Nusaherang geus robah. asa teu wawuh pikeun budak ayeuna ngabandungan ngaran kaulinan-kaulinan tadi. Tong boro nyaho kumaha prak-prakanana eta kaulinan, dalah nitenan arana oge teu wawuh-wawuh acan. Deudeuh.... ujang....nyai.... hidep mah geus kawengku ku modernisasi, moal wawuh kanu ngaran kaulinan jaman baheula, moal wawuh kanu ngaran daluan, pasemprong semprong bolong, jongleng, jst. Tapi hidep mah leuwih wanoh kanu ngaran Gadget, Facebook, Twitter, Play Station, Black Berry,  jeung kaulinan elektronik sejena. Memang wanci geus ngarobah sagalana. Budaya peradaban modern geus nutupan tradisionalisme, karuhan ari di kota-kota gede mah, ieu waeh di kampung- kampung leutik, desa pasisian geus kalimpudan ku kaulinan anu canggih, jeung geus teu malire hal-hal anu sifatna tradisional. Ngan hiji hareupan urang sadaya sok sanajan ayeuna jaman jati kasilih ku junti mugia sakur pangeusina Nusaherang tetep ngagaduhan duduga peryoga, tekad ucap lampahna aya dina jalan kasaean, tuker paham milih harti, henteu ingkar tina papagaon agama tur darigama dina ngadegkeun kahirupan. Didieu kuring nangtung ayeuna anceg dina tatapakan Nusaherang nu ngadeg ayeuna kageuingkeun ku obahna jaman. Pungkasing saur, beurat hate hese kecap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tengah rek nepi, nyanggakeun sadaya-daya, cag dugi kadieu heula........:).

0 komentar:

Posting Komentar