Dongeng Barudak -- Inget harita mangsa kuring keur leutik keneh, geus ilaharna kuring lamun rek sare sok menta di pangdongengkeun kanu jadi bapa, itung itung mepende kuring. "Dongeng sasakala atuh pa...", ceuk Kuring. "Sasakala nanahaon..," walon bapa. "Sasakala hayam tara seuri, geuning jelema nu langka seuri sok disebut kawas hayam..", ceuk kuring. " Ah da euweuh sasakala hayam tara seuri mah.., hayam mah tara seuri soteh,...teu bogaeun biwir.." walon bapa bari semu nu seuri. " Geuning Munding ge tara seuri pa..?" tempas kuring. '"Ari munding mah..eraeun tara seuri teh, pedah huntuna ngan sabeulah, ngan aya nu handap wungul. Geuning kuda mah tarik pisan seurina teh , da huntuna lengkep.., Hiiiii...em, cenah geuning.." walon bapa setengah nirukeun sora Kuda seuri. " Kutan kitu pa...?", kuring semu nu heran. "Tah..tah...cing dongengkeun pa.." ceuk kuring setengah murihit menta. Home » Posts filed under Unak - anik
Tampilkan postingan dengan label Unak - anik. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Unak - anik. Tampilkan semua postingan
Minggu, 10 November 2013
Dongeng Barudak "Sasakala Huntu Munding"
Dongeng Barudak -- Inget harita mangsa kuring keur leutik keneh, geus ilaharna kuring lamun rek sare sok menta di pangdongengkeun kanu jadi bapa, itung itung mepende kuring. "Dongeng sasakala atuh pa...", ceuk Kuring. "Sasakala nanahaon..," walon bapa. "Sasakala hayam tara seuri, geuning jelema nu langka seuri sok disebut kawas hayam..", ceuk kuring. " Ah da euweuh sasakala hayam tara seuri mah.., hayam mah tara seuri soteh,...teu bogaeun biwir.." walon bapa bari semu nu seuri. " Geuning Munding ge tara seuri pa..?" tempas kuring. '"Ari munding mah..eraeun tara seuri teh, pedah huntuna ngan sabeulah, ngan aya nu handap wungul. Geuning kuda mah tarik pisan seurina teh , da huntuna lengkep.., Hiiiii...em, cenah geuning.." walon bapa setengah nirukeun sora Kuda seuri. " Kutan kitu pa...?", kuring semu nu heran. "Tah..tah...cing dongengkeun pa.." ceuk kuring setengah murihit menta. Senin, 13 Mei 2013
Dongeng "Papanggih Jeung Buyutna Antareja"
Dongeng ieu ngan saukur ubar tunduh, tamba sare sore-sore -- Basa mang Berod jeung parahi baturna ngala lauk di walungan Cisanggarung ku cara di useup, pukul 3 sore teh koja geus pinuh ku lauk. Mang Ade nu harita lapakna teu jauh ti mang Berod ngarasa aneh, nyanggutna teu mindeng jeung teu kaciri loba narikna, tapi koja mang Berod geus pinuh kalawan laukna garede. Ampir kabeh batur-batur mang Berod aya kana 6 urangna harita ngarasa helok. 













