
Tapi da kitu buktina, mang Berod mah ibarat wayang nu keur di igelkeun mucekil pisan beubeunanganana. Sabenerna aya nu aneh...ngan kabeh nu aya didinya teu nyarahoeun. Harita kira2 pukul 12 tengah poe ereng-erengan, kacirina ku mang Berod di tengah cai walungan Cisanggarung, motah umpal-umpalan, jeung kadenge aya sora ngageleger. Pucunghul tina jero cai aya sirah jelema, ari pucunghul ari gigibrig saperti Jang Yayat tas teuleum ngobeng di jero cai leuwi Cigebrut. Tapi ieu mah jelema bangun nu teu eungapeun, ari gigibrig, pucunghul nangtung bari melak cangkeng, luak lieuk, melong ka mang Berod...Dedegan awakna bangbang pisan, kumisna siga pa Raden, ari sirahna di siger jiga wayang. Bari melong eta jelema leumpang dina cai sarta terus nyampeurkeun ka mang Berod. Geus deukeut belenyeh ngajak seuri someah pisan, ngajak sasalaman sarta ngenalkeun: "Ngenalkeun ngaran kula Amidreja!" sorana rada ngagerem. Ku mang Berod dibales ngasongkeun leungeun bari ngenalkeun diri : "Berod..." , cenah. Anu ngaran Amidreja teu daekeun ka darat, angger wae diuk dina cai bari sila tutug. Mang Berod miiheulaan ngomong deui : " Jenengan teh Amidreja..?". "Nya bener kaula Amidreja.." walon na. "Manawi teh Antareja, putra Bima." ceuk Mang Berod. "Euh...Antareja mah eta mah uyut kaula.Antareja kungsi boga pamajikan ka urang Legok Hangseur, boga anak Danareja, Danareja kawin meunangkeun urang Bojong Kenyot, lahir Tahrireja. Tidinya Tahrreja kawin ka urang Buni Ngecrot, nya lahir kaula, Amidreja tea, anu ayeuna dihareupeun andika..", ceuk Amidreja ngadongengkeun silsilahna. Mang Berod anu hareugeueun, ngan unggeuk-unggeukan, percaya teu percaya kana omongan Amidreja. "Dupi ayeuna linggih dimana..?" mang Berod nanya deui. "Kaula mah saperti uyut Antareja, hirup di jero taneuh jeung jero cai, sakti. Ngasuh bangsaning lalaukan, hayang lauk mah ku kaula dibere, komo hayang cacing mah teu kudu hese neangan..menta we ka kula..", ceu Amidreja bari gagayem duka ngadaharan naon. " Lain kula teh rek nanyakeun, eta unggal poe loba nu sok ngaruseup di balong pamancingan bae, majar teh ayeuna keur jaman susah, hese ku duit, sagala marahal, tapi eta keur meuli eupan jeung mayar balong mah boga..?" Amidreja nalek ka mang Berod. "Sumuhun dawuh, eta mah ngaruseup sanes ku seueur artos nanging ngabangbalerkeun pipikiran, tur hiburan.." tembal mang Berod rada nyerengeh. "Heueuh ketang urang perlu hiburan.., ulah tonggoy wae ngigelan kasusah teh, matak tereh kolot...!, Ke..ke...bejana ayeuna mah loba pajabat nu korupsi, kunaon eta teh..?", Amidreja tuluy tatanya saperti wartawan beakeun berita, ngawawancara. "Saurna mah kitu.., dina berita Televisi mah.., duka kunaon sababna ..rupina jaman teh tos ngarobah sistim nilai. Reksakna moral mungguh ngarana jalmi moal aya cekapna nyumponan pangabutuh hirup..harta banda tur kasenangan, pikeun anu teu kuat iman ahirna loba jalmi nu hilap kana papagon agama tur darigama, ngalakukeun pagawean nu teu munasabah. Ah..pokona seueur pisan rupina sababna teh..." tembal mang Berod. "Heueuh..nya mani harengheng kadengena teh...", tembal Amidreja bari rada ngahuleng bangun nu mikir. "Sumuhun ...sapertos gamelan nu seueur takol, patarik tarik, teu puguuh rengkak..teu puguh goongna...", ceuk mang Berod bari mesem. "Kumaha atuh ...hese ngigelanana mun kitu mah..?", tanya Amidreja deui. "Sumuhun jaman ayeuna seueur jalmi ajrag-ajragan...asal aya bae bari teu ninggang ana ketukan gamelan...", walon mang Berod bari trus melong ka Amidreja. "Teu puguh nya...., eh..lila teuing kaula ngobrol teh, kula aya kaperluan deui, eh poho..bisi hayang lauk mah ngke dikirim dipangalakeun ku balad kaula, nyaho aya dina koja we..." Amid rehja nutup obrolannam sarta cengkat tuluy seuri sasalaman ka mang Berod. Ti dinya mah les wae Amidreja ngaleungit, ngiles ilang tanpa karana. Ari mang Berod gigisik .., korejat bari luak lieuk .tuluy melong ka si Kenu nu teu jauh ti tempat mang Berod. "Kalah..kulem mang mah..", si Kenu ngaheureuyan ka mang Berod. "Alah..tunduh euy...", ceu mang Berod bari ngahuleng mikiran panggih jeung buyutna Antareja ...asa enya pisan. Sigana koja pinuh teh, meureun pamere ti Amidreja....Bisa jadi nya...!".... ( Cag...dugi kadieu heula...(TBAD) )
0 komentar:
Posting Komentar