Nusaherang - Kiwari Lembur geus nyedek ka sore, panon poe geus lingsir ngulon, haneutna kaganti ku angin ti gunung,layung mubray minuhan langit, baheula mah tonggeret raeng patembalan dina tangkal nu aya di kebon tukangeun imah Lir mawa hibar yen panon poe rek sumurup ka enggonna. Geus lawas tilawas..., jaman kiwari asa jarang mireng deui eta sora tonggeret, duka naon nu jadi sabab tepi ayeuna teu aya nu apal. Sore ieu wanci geu ngagayuh ka waktu ashar, sora nu adzan geus mimiti kapireng di unggal tajug tur masigit nu aya di sabudeureun
desa Nusaherang. Hiji tanda keur sakumna umat Islam pikeun ngalaksanakeun ibadah kanu Maha Suci Allah nu sahiji. Ayeuna dina tepas imah, kuring nyawang ka rentulna suhunan imah tatangga sakapeung neuteup ka ka beh wetan katingali pucuk kalapa jangkung di sisi balong batur, nu jiga hayang nyusul mega. Langit sore cangra lir can pernah hujan da saenyana ayeuna keur usum halodo entrak - entrakan,karasa hiliwir angin nu ngaheab jeung panas poe mawa sawangan ka mangsa ka tukang. Nineung…...kuring nineung mun pasosore, inget keur waktu budak wayah kieu teh keur sempal guyon gogonjakan bari silih eledan jeung babaturan, silih udag di buruan kawantu harita mah buruan masih loba keneh, beda jeung ayeuna tos pepek ku suhunan imah. Kuring arulin jeung babaturan asa aya nu ngabaturan, kapireng di tiap imah ngagear sora radio kawantu harita mah nu keur tenar teh iwal ti radio. Kolot kolot sabada reureuh ti pagawean tuluy wae nyetel radio lamun geus wanci kiwari nyaeta ngadangukeun "dongeng enteng pang beubeurah manah mang Jaya", beut ayeuna mah tos teu kitu deui euy..nu aya mung kantun wa'asnya. Sawareh tatangga uprek di pawon, bari mirun seuneu pikeun nyadiaan rupa rupa pangabutuh kulawarga. Tara kaliwat kuring ge sok resep kana dongeng teh najan ukur sora wungkul ge, kuring jeung nu lianna seueur nu resep tur sugema mirengkeunna oge,,,,,komo ngadangukeuna sabari gogoleran,,,,,,,asa nikmat karasana,,,,,jaman harita da puguh pipikiran teu loba bangbaluh siga ayeuna. Tapi aya nu leuwih matak wa raas nyaeta Sakapeung pun bapa sok ngadongeng nyaritakeun mangsa nu kaalaman katukang mangsa anjeuna keur budak, nyarioskeun anjeuna mangsa ka tukang, mangsa jaman walanda,mangsa jaman susah, anjeuna pinter ngadongeng bari teu petot masihan papatah keur kuring. Cenah ayeuna jaman geus robah,leuwih enak tur merenah, maneh teu ngarandapan dahar sangu oyek jeung tutug cau, tapi naha ayeuna seur jalmi teh teu inget kana purwadaksina, ngumbar nafsu katalanjuran , tah di anak incu buyut mah ulah nepi ka kitu sing cageur, bageur, bener tur pinter, sing tuhu kana papagon agama tur darigama.
0 komentar:
Posting Komentar