f Cahaya Bulan ~ Desa Nusaherang
Nusaherang Tandang Nyandang Kahayang
Gunung Ciremai sakitu marahmay..sok ras emut ka lembur Nusaherang nu ninggalkeun salaksa katineung..Bersih dan rapih jalan Desa NusaherangCeremonial Pembukaan Kegiatan Pamatri Tatali Wargi Jilid 2Reog On The Street pd pembukaan Pamatri Tatali Wargi Jilid 3Peringatan Hut RI ke-68Calung Junior Nusaherang on the street kegiatan Car Free Day Kab. KngVolley Ball kegiatan rutin tahunan PORKAM

Kamis, 27 September 2012

Cahaya Bulan

Cahaya Bulan  - Dina hiji  wengi aya nu teu biasa kawas sasari, ngadadak teu kiat ku hareudang tur bayeungyang sok sanajan tengah wengi jemplang-jempling, kapaksa kuring ngulutrak kaluar, ngadon niis di tepas imah. Barang bray mukakeun panto katingal marakbakna cahaya bulan nyaangan beungeut lembur kuring Desa Nusaherang nu nuju ngageubra tibra, nu ka kuping mun saukur sora bangkong di balong hias hareupeun imah kuring nu kabeneran caina tos dikuras ku cai anyar, sigana bangkong teh resepeun tuluy wae ngageroan bikangna ngajak ngojay dina sagara kangeunahan di alam bangkong...
Turut sisi lembur Nusaherang katingal runggunukna pasir, dapuran awi nu katingal pucukna wungkul, sareng rajegna tangkal kai sapertos anu mager lembur. Dauna arusik katebak angin nu reureundeupan, tingjorelat harerang katojo bulan lir meunang maliktur. Ret..kuring kaluhur katingal langitna ngelewung beresih taya aling-aling mega nu malang, bentang oge mung ukur hiji dua, tingkaretip di tebihna sapertos anu isineun sareng serabeun ku bulan. Bari ngahuleng ngaraoskeun tiisna angin sareng sepi tintrimna peuting, panon mah anteng neuteup bulan nu katingal siga anu nyangsang dina dahan kalapa, kalangkang cahayana dina beungeut cai balong. Ari pikir kuring kalah nguriling kamana mendi nataan ringkang ka tukang, sugri anu parantos kasorang, boh imutna, boh ramisak, pateuteup dina hate ngalayah sabudeur rasa. Ras emut nalika hate angkeub ku kaceuceub, seep karido kasadrah, teu suka dunya akherat, nyungkelit meulit dina ati ku tina ngaraos teungteuingeun, harianeun, asa abong-abong, asa beak harga diri murah tibatan lebu sakeprul, lamun ucap sok nongtoreng dina hate, lamun tindak kumalangkang dina cipta. Namung sawangsulna, upami rasa keur guligah, langit ati marakbak cahya kacinta, karaos pisan ieu hate tingtaretes ku bentang-bentang katineung, taya masalah nu abot, taya halimun nu mendung matak ceudeumna jajantung, estu caang padang narawangan, balungbang timur jalan gede sasapuan, caang bulan opat welas teu geuneuk teu maleukmeuk taya gantar kakaitan, sadrah, lilah, mun langit mah nya sapertos Desa Nusaherang wengi ieu. Kaemut pisan endahna wengi katojo cahaya bulan, endahna batin manusa katojo ku kaikhlasan. Amin... , Hapunten ka sadayana...Cag dugi kadieu heula...:)

----- Eusi Hate Kuring Peuting Ieu ( TBAD )-----

0 komentar:

Posting Komentar