f Dongeng Barudak "Sasakala Huntu Munding" ~ Desa Nusaherang
Nusaherang Tandang Nyandang Kahayang
Gunung Ciremai sakitu marahmay..sok ras emut ka lembur Nusaherang nu ninggalkeun salaksa katineung..Bersih dan rapih jalan Desa NusaherangCeremonial Pembukaan Kegiatan Pamatri Tatali Wargi Jilid 2Reog On The Street pd pembukaan Pamatri Tatali Wargi Jilid 3Peringatan Hut RI ke-68Calung Junior Nusaherang on the street kegiatan Car Free Day Kab. KngVolley Ball kegiatan rutin tahunan PORKAM

Minggu, 10 November 2013

Dongeng Barudak "Sasakala Huntu Munding"

Sasakala Huntu MundingDongeng Barudak -- Inget harita mangsa kuring keur leutik keneh, geus ilaharna kuring lamun rek sare sok menta di pangdongengkeun kanu jadi bapa, itung itung mepende kuring. "Dongeng sasakala atuh pa...", ceuk Kuring. "Sasakala nanahaon..," walon bapa. "Sasakala hayam tara seuri, geuning jelema nu langka seuri sok disebut kawas hayam..", ceuk kuring. " Ah da euweuh sasakala hayam tara seuri mah.., hayam mah tara seuri soteh,...teu bogaeun biwir.." walon bapa bari semu nu seuri. " Geuning Munding ge tara seuri pa..?" tempas kuring. '"Ari munding mah..eraeun tara seuri teh, pedah huntuna ngan sabeulah, ngan aya nu handap wungul. Geuning kuda mah tarik pisan seurina  teh , da huntuna lengkep.., Hiiiii...em, cenah geuning.." walon bapa setengah nirukeun sora Kuda seuri. " Kutan kitu pa...?", kuring semu nu heran. "Tah..tah...cing dongengkeun pa.." ceuk kuring setengah murihit menta.
"Heug atuh..." walon bapa bari narik nafas panjang heula. " Kieu dongengna...." Baheula mah munding teh di leuweung harirupna, teu dipiara jelema kawas ayeuna. Mangsa harita huntu munding teh beleger keneh, aya dua beulahanana. Ceuk carita na, munding teh salawasna sedih jeung sedih bae, sabab boga musuh anu telenges, bari maranehna teu sanggup ngalawan. Maung musuhna teh. Lain teu hayang ngalawan munding teh, ngan teu untupan. Gawena ngan badami jeung badami we.., kumaha carana ngalawan maung. Kulantara eta, loba na munding teh jadi ngorotan, da rea nu ditekuk ku maung, meh unggal poe. Sakali mangsa kabeneran aya maung katembak ku paninggaran ( tukang moro ), keuna pisan kana beuteungna. Acan ari paeh mah, ngan teu bisa walakaya. Gawena ngan gegerungan bae, kokosodan deukeut rungkun saliara. Nenjo kaayaan maung kitu, ngan rob bae munding-munding teh ngaronom maung nu keur adug lajer tea. Datang-datang ger salusurakan, mupuas ka maung nu sok ngahakan anak-anakna. Aya anu seuseurian bae, aya anu nonggengan, aya anu nyingsatkeun samping..., aeh poho can disaramping harita mah munding bikang teh. Cindekna,,rupa-rupa pamolah munding teh. "Tah ...nya semet harita harita huntu munding ari sabeulah deui, ngan aya nu handap wungkul...". "Naha kunaon pa...?" jawab kuring bangun nu heran. "Barongan sorangan, kaleuwihan bungah pedah nempo musuhna geus teu walakaya. Susurakan leuwih ti biasana. Akibatna huntuna nu luhur caroplok, beak dipake susurakan lila teuing. Tah kitu sasakala na teh, nu matak hidep oge jaga ulah sok kaleuwihan teuing dina sagala perkara oge, bisi nyorang cilaka kawas munding..." jawab bapa ditungtungan mere amanat ka kuring. Kuring harita unggeuk-unggeukan, tandaning ngarti kana naon anu di amanatkeun pun bapa. "Kabeh caroplokna pa...?" pok deui kuring tumanya. "Enya abeh, malah harita teh aya munding reuneh, nya kitu milu susurakan. Dina waktuna ngajuru, anakna teh ngan sabeulah huntuna" walon bapa bari mesem.
---- Cag...dugi kadieu heula..... (TBAD) -----

0 komentar:

Posting Komentar